Minggu, 26 April 2015

ASAL USUL CIWARINGIN - CIREBON


Di jaman kapungkur, sapanjang walungan Ciwaringin masih mirupa leuweung. Dina hiji dinten dongkap dua jalmi sinatria di tanah wetan, anu namina Tubagus Ismail Sakar Kedaton sareng Tubagus H. Duliman, kadua sinatria eta teh katurunan kasultanan Cirebon di subang Khairudin.
Maksud tujuan kadua sinatria eta dongkap ti leuweung gongong si magongong eta kangge nebihkeun tekanan-tekanan pamarentahan Belanda nu waktos eta ka sultanan di cepeng ku Sultan Matangaji, teras kadua sinatria eta ngabukbak tatangklan di sapanjang walungan Ciwaringin sareng ngedamel sasaungan kangge tempat netep.
Tempat nyumput maranehannana enteu pernah di kayahakeun ku Belanda, teras dararongkak jalmi-jalmiti tempat-tempat nu sanes ka tempat maranehannana. Saterasna tempat eta mungkin loba nungieusianana teras desa eta di pasihan nami “Desa Ciwaringin” sakertos name walungan nu aya didinya.
Disebab Ciwaringin kusabab di tungtung walungan aya hiji tanggul Cairingin anu ageng, luhur sareng iyuh. Dina waktos ayeuna Tubagus Ismail sareng Tubagus H. Duriman naluaran tatangkalan di leuweung Ciwaringin, didinya aya tembok tebeng anu sampe ayeuna masih aya tilas-tilasna.

Tidak ada komentar: